PELESIR

BATU KARAS

Basisir Batu Karas anu lokasina kurang leuwih 34 Km ti Pangandaran, minangka hiji-hijinya basisir di Cijulang nu kakoncara ka manca nagara janteun tempat hade pikeun olah raga Salancar Cai. Sajaba ti eta, ieu basisir oge tiasa dianggo kokojayan, paparahuan, kemping, atanapi saukur netep sagara bari ocon jeung lambak info salajengna...

CUKANG TANEUH

Cukang Taneuh ngaran asli na mah, tapi leuwih sohor ku landihan Grand Canyon. Ieu tempat pelesir walungan anu tembus ka jero guha taneuh, kenca katuhuena mangrupa gawir. Kulantaran mangrupa walungan jadi make parahu asup ka guha teh, ditungtung guha tiasa diteraskeun body rafting mapai walungan info salajengna... 

CURUG TARINGGUL

Curug Taringgul, curug leutik di jalan ka Cibanten, Blok Ciawitali, Desa Kertayasa, Kacamatan Cijulang Kabupaten Pangandaran. Curug ieu caina ti sawah terus turun ka walungan, sanajan curug leutik tapi walungana bersih jeung bisa dipake body rafting info salajengna ...

KAMPUNG BUDAYA SAGATI

Taman Budaya Sagati hiji-hijina objek wisata anu madukeun pesona alam sareng tradisi sunda di Desa Margacinta Kacamatan Cijulang. Dilebeutna aya ruang serba guna anu tiasa disewa, taman, balong, walungan, sareng coffee shop info salejengna...