Adat-Adat Oerang Tjidjoelang

Kagegelan ti Djoeragan Empoe H. O. Tomo
Paadatan sapopoéna, djamak saadat saperti di sanes tempat baè, moeng dina papakéan awéwéna noe aja dipelmboeran masih katarik kénèh koe kaloemrahan adat beheula, bariasa kènèh dibadjoe koeroeng hideung beunang neuleum dina pidjanaan, samping nja kitoe kénéh, karembang tinoenna kanteh badag disaloerkeun, aya ogé noe diramboean. Oepami dina poé pasar, poé maréma pakoempoelan ti kampoeng- kampoeng katingalna nakleuk hideung. Aaisanana boh boboko atawa said, loemrah saperti noe ngagandong, ngais dina bobokong.
Dina waktos harita terang teu aja anoe daék tjetjeremed ngoetil tèh, tëtëbiheun kana rarampog babadog atawa bèbègal mah, margi masih kapoeoek ka sipoeh koe adat karoehoenna, pageuh goegon toehon kana bidah kapertjajaan rèmpan teu we­leh inggis-risi, koe goena wisaja, bok bisi dikaniaja disèbakeun ka Siloeman sileman.
Eta kapertjaan pageuh dibaroeng deui koe kapertjajaan agama, boektina oepama, hidji anak diwaris sarakit moending koe bapana, dimana eta moending geus rëkah djadi 2—3 rakit, dina waktos hadjat medlak bapana, këdah baè milih 1 moending noe moeloes bangloes, teu aja tjatjadna sanadjan saeutik. Eta moending dikoerbankeun, dagingna teras ka koelit­-koelitna dibagikeun, ka para oelama, sarat kaoem, prijaji djeung sabatoerna. Ari noe boga kawas ditjadoekeun atawa diharamkeun kana nëda éta moending noe dikoer­bankeun téa, éta disebatna koe oerang dinja tjenah, „Moelangkeun bibit”.
Di dinja aja kaanéhan nja éta adat anoe teu kapendak di sèdjèn tempat Saban-sa­ban kampoeng djaba ti paéntah désa, aja deui kapala loeloegoena boedjang-boedjang djeung landjang-landjang, ilahar disebat­na Loerah BoedjangLoerah Landjang, beunang milih boedjang, doeda, parawan atawa randa anoe disangka sakira loba kabisa, gedè têmah wiwahana, bisa noeng­toen ka sasamana. Gawèna éta Loerah boe­djang tea kadjaba ti nalingakeun kalakoe­an wilajat-wilajatna kana bagoejoeban ka­roekoenan deui, toeloeng-tinoeloeng, sabi­loeloengan djeung pada batoer, saméméh maranehna laki rabi, kitoe deui oepama ­salah saoerang diantarana rèk kadatangan doeriat saméméh datang ka kolotna koe­doe datang heula ka Loerahna téa, tidinja kakara ka kolotna dibarengan koe Loerah loerahna, Oepama tjèk Loerahna geus aja noe njeureuhan, leuwih ti heula ti manéh­na, éta tara wanieun maksa.
Sarta oepama aja boedjang atawa an­djang, anoe moeroegoel adat mahiwal ti batoer, teu noeroet kana parèntah, toer teu beunang diélingan koe pada batoerna, hoekoemanana, tara ditarik tara ditakon, koe pada babatoeranana djadi hiroep kapaksa njorangan, sarta dina pinanggih bantjang pakewoeh tara aja anoe noe­loengan. 

Raramèanana :

I.Moeloedan
Ti barang tanggalna kènèh boelan Moe­loed, Loerah boedjang geus ngoelintjer baé, mèntaan doeit sasoekana, noeroetkeun kumaha perjogana, ti pada ba­toerna, noe pada lagas tea, éta doeit di­mana geus réngsé kapoepoel kabèh, koe si Loerah boedjang téh dipasrahkeun ka Loerah landjang. Dimana geus deukeut kana waktoena, dikira pisaminggoeeun deui, kana prakna Moeloedan, éta doeit toeloej dibalandjakeun, kana naon kaperloeanana, djaba tidahareun, keretas kembang, oedoedeun, djeung seupaheun, Waktoe landjang-landjang téa digarawé, naon-na­on kaperloean sasadjen keur Moeloedan; sawatara boedjang pada ngaladènan naon kaperloean, lalaki, kajaning ngala soeloeh, tjai, roeat-roeat sarëng sadjabina,
Dina waktoe poëan bregna Moeloedan nja éta dina tanggal sawelasná boelan éta. Loerah landjang sabatoerna, geus pagetol­-getol, pada hajang nembongkeun pangabi­sana, pada mapaesan hidji balandongan, sarta dihadja bilikna koedoe rada tjarang. Sabada mapaesan adeganana, nembe der ngambeng, ngoedjoerna ti kulon ka wetan, ambengan sisihan dipaselang djeung amis-amisna ager, noe diroepakeun mamanoekan, lalaoekan ngabegoeg dina basi, sarta sikatan tjaoe. Antara ambengan diselang deui koe kembang keretas, noe diroepakeun tatangkalan roepa-roepa, ting aremplad dahanna kawas nu ngagupajan; di tengah-tengahna aja doea tiloe toempeng, laoekna hajam, endog djeung laoek tjai. Sisi-sisina eta ambengan tea dikepoeng deui koe bokor atawa talem, (moen teu aja, kolokop tjau dadakan) noe pinoeh dieusi lepit atawa sapoeratina seupaheun. Eta sasadiaan teu aja kaselapanana woengkoel kedah kenging landjang tea bae.
Sasalsena ngambeng, ngan oekoer aya hidji doea bae, landjang anoe ngadjaga toenggoe ambengan, ari noe sanesna goesak-gasik pisan baralik ka saimah-imahna, baleberesih diangir mandi, marake pahade-hade, saaja-aja, saboga-boga, pagandang-gandang ginding leuwih ti sasari; sanadjan dina boboran Sawal oge di dinja mah tara kitoe. Make noe kitoe koe oerang dinja disebatna “nebeng madjahkar”.
Reup, peuting dina malem kadoea welasna tea sareupna keneh oge, geus raboel boedjang-boedjang teh noe njakitoe deui, pada beunang ngaginding pagandang-gandang, noe tara ge dibendo harita mah meded, bleg bendo tjigadog, kadjeun torek karoengkoepan tjeuli, asal kasep katendjona, sarta pada njarorendang terebang gede, ngadjegir nengahan awak noe ngagandong. Sadaja pada maksoed rek Moeloedan, balaketjrakan dahar leueut. Sambian bari pada nembongkeun roepa djeung pangabisa maksoed oge njipoeh pangawoeroeh. Doer, bedoeg tjiri tetenger Isa di masigit; si boedjang-boedjang teh kawas geus teu kenging diampeuh deui hatena, der tataloe, patarik-tarik nabeuh terebang, geus geundjleung lain dikieuna, teu poegoeh dengekeuneunana, bari dibaroeng kawih, sora ngadjerit ting darengek, pada hajang katara, ieu kalakoean nepi ka tengah peuting, didinja nembe ngaraso bari ngaropi, dahar balaketjrakan.
Dimana ari Nji Loerah landjang sabatoerna, naha laladjo di balandongan, sabiasa djamak djeung noe sedjen?
Aneh! Di djero balandongan, teu ngoelampreng awewe hidji-hidji acan, sihoreng ting koelamprengna, loer-lar diloeareun balandongan, bari ting taroong, hajang nendjo noe di djero balandongan. Oepadi anoe geus pada boga beubeureuh mah, mani nogel-nogel bae; tina bawaning hajang sidik ka beubeureuhna, kadjeun tjangkeul asal seubeuh nendjo, malah bari pada ting karoewes haharewosan, pasini noekeran roko koe lepit noe disajagikeun sakoeriling ambeng tea. Noe teu aja beubeureuh nja waktos harita loba kaeunteupan birahi, tampolana loba noe meunang pisalakieun atawa pipamadjikaneun, tjindekna nja harita pada hajang mareunang djodona. Atoeran kieu didinja mah djadi lemek paomongan, loemrah disareboetna “Noong”.
Waktos ngaso tengah wengi, kakara si landjang-landjangna arasoep deui ka balandongan, maksoedna rek mangmoerakeun toempeng ngabagikeun kadaharan, ka boedjang-boedjang djeung sabatoerna. Sabadana brak dalahar balaketjrakan, soekan-soekan bari silih tema sempal goejon, koe sindir djeung siloka anoe ngandoeng harti, basana djeung babasanana teu beda saperti sesebred ronggeng atawa ogel, ngadalang tjara dina gondang teu ditinggal. Sabada bararang dahar, deur deui bae narabeuh taja kendatna nepi ka braj beurang.

II. Djoged
Ajana ieu karamean biasana di noe karamean, boh njunatan atawa kawinan. Petana pidoea minggoean deui; sanggeus noe boga hadjat babadamian djeung palawargi noe sedjen perloe manehna badami deui djeung Loerah boedjang landjang, maksoedna soepaja Loerah landjang koedoe ngeprik ka sabatoerna, kana noeloeng noetoe, anoe dilagoekeun gondang tea; ari Loerah budjang perloena ngembarkeun ka wilajatna, noeloeng soeloeh djeung daoen noe mareunang ngalana ti leuweung.
Samalah sagala atoeran soesoegoehna oge pikeun boedjang-boedjang djeung landjang-landjang tea mah, tara patjorok sareng kolot, boh ngasakanana boh prakna njoegoehan. Ari boedjang-boedjang mah dina ngopina atawa daharna ngasakanana, woengkoel beunang nji Landjang-landjang tea, margi diberena keur soesoegoehna teh koe noe boga karia atahan.
Oepama rek ngadegkeun “Djoged” noe boga hadjat koedoe ngadegkeun adegan noe sajaga kakoeatanana, sangkan oelah kadjadian eunjeuh dina waktoena dipake.
Atoeranana djoged kieu :
Kira wantji Isa, geus raboel boedjang-boedjang malah aja oge sapalih anoe geus laki rabi anoe masih katarik koe kasukaanana, pada marawa terebang gede, lobana djalma di balandongan meh saroea djeung lobana terebang, sabab djadi pamodjokan gede pisan di dinja mah oepama hidji boedjang teu boga terebang noe koelitna koelit moending teh, diseboetna djalma teu boga wiwirang”.
Doer Isa, noe djadi kokolotna, geus ngeloen ngoekoes di tengah balandongan tea, neneda ka Batara ka Batari noe ngageugeuh Tjidjoelang, njoehoenkeun diijoehan ditangtajoengan oelah aja pantjabaja, salamet dina waktoena djoged; sarta teu tinggal babaktina, djaba ti menjan bodas sareng kadaharan dina antjak sapeoratina, minjak seungit, rampe djeung kembang warna 7 ka Nji Pohatji, endog hajam kanoe ngageugeuh di dinja, eta kabeh diamparan koe boeh.
Saparantos babakti geus dikoemkeun ka sadajana, nembe breng, tataloe djamak sabiasa Moeloedan bae. Watara sadjam ti harita rengkenek aja noe ngigel lagoena “Kembang beureum atawa Bendjang”, nandakeun, tjenah kasoeroepan ti karoehoenna, noe biasa sok ngigel. Toetas eta nembe breng aja welasna noe djoged ting aledjrag, ting aladjret dibaroeng bari ting djarerit, ting gorowok teu aja kendatna, malah bari silih djongklokeun, silih soentroengkeun, bari ngoerilingan koekoes djeung sasadjen tea, ka peutingnakeun mah, bari dibarengan morobotkeun pepetasan atawa njeungeut meretjon di dinja, ditempatna adjroeg-adjroegan tea.
Hate soemeredet aringgis bok bisi aja anoe tjilaka, da titinggalan woengkoel djalan balahi. Nja kaboektian sok radjeun oge aja noe bloegna pisan tisoesoet, nepi ka laboehna, kairik kasesered koe batoerna, nepi ka leuleus ngan kari empas-empes ambekanana woengkoel. Tapi aneh pisan kadjadian kitoe teh bet istoe teu didjieun reuwas reuwas atjan, anggoer si eta anoe roeboeh teh diparanggoel sok digolerkeun didjarian, oer bae dibandjoer koe dalangna; teu mangkoek sadjam, geus tjelegedeg deui bae, djagdjag satadi deui waras teu sakara-kara. Atoeranana noe djogedna silih ganti bae djeung noe nabeuh, djadi sadaja bisa nabeuh djeung djogedna.
Atoeran njoegoehanana noe djoged, samemeh bringna, kedah bae disoegoeh angeun “bagedor tjau manggala”, ditjampoer boros hondje, tjipati djeung laoek hioe, sanadjan di noe kariaan meuntjit, moending, loebak-liboek laoek oge, eta mah tara tinggal, margi ageung keneh kana kapertjantenan masih dianggo toembal sangkan oelah tjambal pangabisa, woewoeh emoet ka pangaweroeh.

Panambih ti Redaksi
Kadjabi ti kintoenan Djoeragan Empoe, redaksi nampi deui katrangan adat oerang Tjidjoelang ti Djoeragan Wadana Tjidjoelang, anoe dipoendoetan koe K.T.A.R Tasik meh sami bae sareng ieu.
Taja sanes redaksi oendjoek noehoen ka Kangdjeng Toean Asisstent-Resident Tasikmalaja, anoe parantos kersa makihikeun kana pieusieun Poesaka Soenda, nja kitoe deui ka Djoeragan Wadana Tjidjoelang teu kirang-kirang nja hatoer noehoen.
Redaksi.

Dicutat sauntragna tina : Poesaka Soenda Nomer 10-11, April-Mei 1924
https://wikisource.org/wiki/Index:Poesaka_Soenda_1924-(04-05)-2(10).pdf

0 komentar: