Kebon Kalapa di Pakidulan

Iraha kalapa mimiti aya di Cijulang, tangtuna ti zaman baheula, ngaranna oge sisi basisir, pasti aya tangkal kalapana. Geus jadi tradisi, baheula mah nyieun minyak atawa disebut ngelentik dilakonan ku unggal rumah tangga, lamun hayang minyak nya kudu ngelentik sorangan.
Tapi ku sajarah kacatet, kebon kalapa skala perkebunan rakyat mimiti diristis nalika rakyat galuh loba nu hirup ripuh alatan pamarentah Walanda nerapkeun Preangerstelsel yaeta tanam paksa, anu terus jadi Culturstelsel. Regent Galuh Raden Aria Koesoemadininggrat anu katelahna Kanjeng Prebu ngarasa prihatin dumeh rakyatna dikudukeun melak kopi jeung nila tapi hasilna kudu dipasrahkeun ka pamarentah Walanda. Dina masa pamarentahanana ti taun 1839 nepi 1889 loba pangwangunan nu dikomandoan ku ieu regent, keur ngarojatkeun kasajahtraan masyarakatna.
Salah sahiji tarekah Kanjeung Prebu sangkan masyarakat Galuh tong sangsara teuing yaeta nganjurkeun masyarakat melak kalapa, malah zaman harita, unggal panganten lalaki dikudukeun mawa kitri lamun keur seserahan, terus eta kitri kudu dipelak di imah panganteun anyar.
Atuh kebon kalapa teh ngahempak dimana-mana, anu terus ngundang para sodagar Tionghoa nyieun pabrik minyak di Ciamis, diantarana Pabrik Minyak Gwan Hien (foto ti Tropenmuseum 1925) jeung Pabrik Minyak Haoe Yen anu katelahna Olvado. Pabrik minyak Olvado ancur dibom Walanda keur zaman Jepang, ari Gwan Hien masih aya keneh nepi ka kiwari, ngan hanyakal ngajurukutut siganamah bangkrut.
Harita Cijulang can kaasup wilayah Galuh, masih keneh bagian ti Sukapura (Tasikmalaya ayeuna), tapi tarekah Kanjeng Prebu heabna nepi oge ka Cijulang. Malah Pamarentah Walanda ge teu katinggaleun lengkah dina ngabudidayakeun kalapa, yaeta nyieun perkebunan kalapa di Pangandaran, mimiti tahun 1910 beres dipelakan tahun 1928. Lega Kebun Kelapa Afdeling Pangandaran 363 hektar, dina data tahun 1974 kacatet aya 57.434 tangkal kalapa di ieu kebon. Hanyakal tahun 1993, HGU perkebunan kalapa pangandaran ku PTP XIII dialihkeun ka perusahaan swasta,  sangeus eta perkebunan bubar majarkeun teh rek alih fungsi jadi kawasan wisata, tapi ayeuna kalahkah disarambut ku masyarakat dijieun kebon jeung huma.
Ayeuna Ciamis, khususna wewengkon pakidulan jadi sentra kalapa Jawa Barat, ceuk data mah di Cijulang ge aya 3883,9 hektar kebon kalapa.

Pustaka:
Arief Rakhman Hakim. Potensi Kelapa yang Terlupakan, Sinyal SDM Ciamis Masih Terbatas. Dalam www.ciamisleader.blogspot.com diakses 22 Mei 2009.
Bangunan Sejarah Perlu Dilestarikan. Pikiran Rakyat 13 Juli 2009.
Wikipedia. Kerajaan Galuh. Dalam www.wikipedia.org  diakses 18 Mei 2012
Nasipan Usri. Penampilan Produksi dan Reproduksi Sapi Peranakan Ongole di Perkebunan Kelapa Pangandaran. 1981. Bogor : Institut Pertanian Bogor.

0 komentar: