Mun kongang mah kuring oge hayang jadi budak deui ulin bubulucunan ngukuy keusik bari nyieun babalongan
kahayang mah kuring oge kawas budak muka baju tuluy lumpat ngudag ombak sangeus rancucut
sanggeus cape ocon jeung laut ngagoler dina kikisik ngantep awak diusapan leungeun lambak
Basisir Pangandaran 1979, Rachmat M. Sas Karana dina Surat Panjang ti Cijulang (1983)
PANJAJAP
Assalamualaikum Wr.Wb.
Wilujeung sumping dina blog Yayasan Bale Cijulang anu ngahaja didamel kanggo meungkeut raet patali batin antara Urang Cijulang dimana wae ayana ka bali geusan ngajadi, “Cijulang” lembur urang sarerea.
Pamaksadan mah sadaya ngenaan Cijulang, boh tempatna, sajarahna, jelemana, kamajuan, jeung sajabana, tumplek dibejerbeaskeun dina ieu situs. Kumargi kitu diantos pisan pangrojong sareng kintunan informasi na ti sadaya Urang Cijulang sareng saha wae anu mikareus ka ieu tempat.
Mugia ieu blog tiasa janteun tilam kasono, nganteungkeun tali batin anu ngajagi Cijulang tetep ngelemeng dina hate urang sarerea.
Wassalam. Prof. Dr. Ir. H. Nasipan Usri, MS. Pupuhu Yayasan Bale Cijulang