Pileuleuyan Kareta Banjar-Cijulang

Anu kungsi ngalaman tumpak kareta api ka Cijulang tangtu ngaraos nineung, upami emut kana endahnya panorama alam sapanjang jalan kareta Banjar-Cijulang. Aya tilu torowongan anu kaliwatan ku kareta Banjar-Cijulang yaeta Torowongan Hendrik (100 m), Torowongan Juliana (250 m), jeung Torowongan Sumber (Wihelmina, 1.200 meter) pang panjangna sapulo Jawa. Kaluar tina torowongan Hendrik nyampak Sasak Cikacepit anu pangjangna 1.250 meter, ti luhureun sasak anu jangkungnya kurang leuwih 100 meter katingal basisir jeung sagara kacida endahnya, Pulo Nusakambangan jeung Basisir Cilacap oge katinggal layap-layap tina sasak ieu.

Kareta api Banjar-Cijulang mimiti di rencanakeun pangwangunana ku pamarentah Hindia Walanda dina tahun 1911 sakumaha diundangkeun dina Stbl. No. 457 tanggal 18 Juli 1911. Jalur Banjar-Kalipucang resmi dibuka tanggal 15 Desember 1916 disusul ku jalur Kalipucang-Cijulang anu dibuka tanggal 1 Januari 1921. Kareta api di jalur Banjar-Cijulang dioperasikeun ku perusahaan Staatssoorwegen (SS), salah sahiji lokomotif anu kungsi dipake dina jalur ieu yaeta BB 1012 ayeuna jadi koleksi Museum Kareta Api Ambarawa (foto 1).
Dina "Officieele Reisgids der Spoor en Tramwegen en Aansluitende Automobieldiensten op Java en Madoera" anu medal taun 1926, jadwal kareta ti Cijulang ka Banjar aya 3 sadintenna yaeta tabuh 04:34, 09:55, sareng 13:10. Kareta ti Banjar aya 3 oge, waktos dugina ka Cijulang tabuh 09:00, 11:56, sareng 16:00. Aya hiji kareta deui ti Banjar anu mung dugi ka Kalipucang tabuh 15:52 ti Banjar-na, uih deui tabuh 04:11 enjingna ti Kalipucang.
Kulantaran bangsa urang mah hese pisan lamun kudu ngarumat, jalur kareta api Banjar-Cijulang anu ceunah “heunteu nguntungkeun” diantep sangkan ruksak sorangan, tahun 1979 jalur Pangandaran-Cijulang ditutup, Banjar-Pangandaran tetep jalan dugi ka kaping 3 Februari 1981 anu jadi poe panungtung ngagujragna kareta api ka pakidulan.
Kiwari jalur kareta api Banjar-Cijulang geus loba nu ruksak boh relna boh stasionna. Ruruntuk Stasion Cijulang masih aya keneh di beulah katuhu jalan ka Nusa Wiru, butut eweuh nungarumat, kitu deui depo lokomotifnya, ari relna anu aya 4 sepur geus eweuh hiji-hiji acan robah jadi lapang.
Aya sababaraha istilah khas Cijulang ngenaan kareta api, yaeta : rel kareta api disebut ban, upami karena ti Cijulang tepung jeung kareta ti Banjar disebut perwis (biasana di Kalipucang), parlintasan jalan aspal jeung ban disebut perweh, sasak leutik kareta api disebut cincin, sambungan kareta api disebut bordes, kareta jadwal panungtungan disebut laste, tukang mariksa jalan kareta api disebut opsender.
Upami nineung kana kareta Banjar-Cijulang mangga longok lokomotif BB 1012 di Museum Kareta Api Ambarawa, lamun gerbongna alhamdulilah aya hiji anu nyesa jeung masih keneh dianggo ku kareta api wisata "Sepur Klutuk Jaladara" di Solo (foto 2 gerbong nu payun).

Pustaka:
Agus Mulyana. Ekonomi dan Pengembangan Wilayah, Latar Belakang Pembangunan Jalan Kereta Api pada Lajur Banjar-Kalipucang-Parigi (1911-1921). Disajikan dalam Seminar Nasional Titik Balik Historiografi di Indonesia Refleksi Perjalanan Prof. Dr. RZ. Lerissa, 29-30 April 2008, Departemen Sejarah Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia.
Asep Muslim. Banjar-Kalipucang-Cijulang. Dalam
http://acepmuslim.wordpress.com/2010/02/22/banjar-kalipucang-cijulang/
Dian Pujayanti. Ratu Wihelmina dan Prins Hendrik di Jalur Eksotik Pangandaran. Majalah Kereta Api Edisi 03. Oktober 2006.
Indonesian Railway Preservation Society. Banjar-Pangandaran-Cijulang Tour. Dalam
http://www.irps.or.id/banjar-pangandaran-cijulang-tour/

2 komentar: