Sajarah Cijulang

Kanggo urang Cijulang pituin mah, ngadangu istilah sajarah cijulang tantos emutan teh ngalayang kana “Sajarah Cijulang” anu sok diaos waktos "Ngabukutaun".
Nurutkeun Sajarawan Sunda Prof. Dr. Edi S. Ekadjati, naskah “Sajarah Cijulang” kalebet naskah sunda buhun golongan babad, diserat dina Basa Sunda nyampur jeung Basa Jawa, ngango huruf Arab Pegon. Salah sahiji kopi “Sajarah Cijulang” janten koleksi Perpustakaan Nasional nomber SD 206 B nanging ieu mah tos ditranselasi kana aksara laten. Eusina ngajerentekeun silsilah, ti ngawitan Nabi Adam dugi ka pakolotan Cijulang; teras wae ngalalakon Aki Gede jeung Nini Gede. Namina oge naskah buhun, dina “Sajarah Cijulang” antara kanyataan sareng dongeng sigana nyampur janteun hiji.

Jang Langas dianggap luluhur Cijulang numutkeun “Sajarah Cijulang” mah, linggih na di Taal, gaduh putra sapuluh, genep anu tumetep di Cijulang yaeta Sabarudin, Karangmawangsa, Sukamawangsa, Parajasinga, Martadimangsa, sareng Ayuwetan.
Ari Aki jeung Nini Gede anu ngalalakon dina “Sajarah Cijulang”, lanceuk pangedena Jang Langas, urang Kedungrandu, ayeuna eta tempat aya keneh, jadi ngaran hiji desa di Kacamatan Patikraja Kabupaten Banyumas. Ari nu jadi cukang lantaran Aki Gede abur-aburan, kusabab kahayang Kenjeng Sinuwun nu jadi panguasa di Banyuwas ngawin anak awewe Aki Gede teu disaluyuan. Inggis ku bendu Sinuwun jeung ngadenge beja rek dirurugan, Aki jeung Nini Gede sabondoroyot dibaturan ku sawidak kuren terus mentas di Jaranmaganti (Cimanganti)  teras linggih di Pakemitan. Hariwang kapanggih ku pasukan Sinuwun, mindah deui Aki Gede teh ka Cikaso terus ka Kolemba, Bojong Cikur, Bubulak Karang Simpang, Binangun, terus ka Nagrog rek neangan tempat pinagaraeun tapi geus eweuh nu suwung, teras balik deui ka Binangun nembong geus aya Gandek Sinuwun nu dipiwarang neangan Aki Gede saparakanca. Teras eta Gandek ku Aki gede dibadamian sangkan ngadehes ka Dalem Sukapura anu kagungan nagara, ari aki gede terus neangan tempat pinagaraeun, mimiti ka tempat nu jadi Lembur Sarakan, Cikadu, Cikawung, Pepedan, Cipanengah, Sipatahunan, Cipakawuk, jeung Gurago anu teras dijadikeun lembur ngalih ti Binangun.
Ngarasa mantep di Gurago, terus Aki Gede nitah anak awewena jeung minantuna ka Sukapura ngadeheus Kanjeng Dalem, nu harita ngarana Dalem Tambela.
Kataji tina ieu carios, harita Cijulang teh asup ka wilayah Sukapura,  dina “Sajarah Cijulang” kacarioskeun yen anu janten kapala pamarentahan teh Dalem Tambela di Sukapura, jadi kurang leuwih Aki Gede teh jumeneng dina mangsa Cijulang masih keneh janten bagian ti Sukapura anu ayeuna mah gentos nami janteun Tasikmalaya.
Taun 1674 Umbul Sukakerta, Wirawangsa diangkat ku Sultan Agung janteun Mantri Agung Bupati Sukapura, gelarna Raden Tumengung Wiradadaha I, ieu minangka bales jasa saatos newak Dipati Ukur, harita Cijulang tos kasebat dina 12 daerah bawahan Sukapura anu dibebaskeun tina kawajiban mayar pajak ku Sultan Agung salami 7 turunan.
1674 Wirawangsa tilar dunya, digentos ku putera katiluna yaeta Raden Djajamanggala anu digelaran Raden Tumengung Wiradadahan II, ajeuna katelah ”Dalem Tambela”. Naha Dalem Tambela ieu anu dimaksad Dalem Tambela dina ”Sajarah Cijulang”? Upami leres aya sababaraha fakta anu teu saluyu. Dina ”Sajarah Cijulang” Dalem Tambela anu marentah di Sukapura kacarioskeun ngagaduhan anak mantu, malah salah sahiji mantuna dibikeun ka Aki Gede janteun hadiah saatos Aki Gede rengse ngawangun Situ Cimawati. Padahal ceuk fakta sajarah, Dalem Tambela teu kantos marentah lami di Sukapura kulantaran tilar dunya di Banyumas sauih dilantik di Mataram ceuk sakoalmah malah dihukum mati di Mataram, ningalkeun 8 putra anu aralit keneh, layona dicandak dina tambela ka Sukapura janteun katelah Dalem Tambela.
Taun 1674 janteun hiji-hijina titimangsa anu kacatet dina sajarah, taun eta Aki Gede geus tumetep di Gurago, jadi mangsa ngalalana ti Kedungrandu nepi ka Gurago kajadianana saacan tahun 1674. Kira-kira saha atuh Kanjeng Sinuwun ti Banyumas nu jadi sabab Aki Gede pundah-pindah tempat ku sabab sieun ku anjeuna? Naha mungkin R. Tumenggung Metayuda II, Adipati Banyumas 1650-1705, atawa adipati sateuacanna R. Ngabei Mertayuda I anu marentah di Banyumas tahun 1620-1650.

Sapertos dicutat di luhur, Cijulang zaman Aki Gede sanes bawahan Galuh tapi Sukapura anu ngagusti ka Karajaan Mataram, eta teh kulantaran nalika Karajaan Galuh runtuh dina taun 1528 wilayahna mung kantun saalit. Waktos Sunan Amangkurat I janteun Raja Mataram, struktur wedana/bupati dihapus, digentos janten Ajeg, aya 12 Ajeg di wewengkon Mancanagara Kilen, salah sahijinya Sukapura. Taun 1677, wilayah ieu dipasrahkeun ka VOC teras jadi bawahan Bupati Kumpeni di Cirebon, status ieu teu robah waktos VOC bangkrut digentos ku Pamarentahan Hindia Walanda, nembe dina tahun 1864 dialihkeun janteun bagian ti Karesidenan Priangan.
Waktos Pamarentah Walanda ngayakeun reorganisasi wilayah, dumasar kana Staatsblad 425 tahun 1931, Cijulang masih keneh janten kawadanaan anu lebet ka Kabupaten Sukapura, harita nu janten Wadana, R. Somawirya.

Pustaka :
Ruswendi Permana. Sejarah Cijulang:Kajian Filologis. Bandung : Program Pasca Sarjana Universitas Padjadjaran. 1996.
Ikin Salihin Iskandar. Sejarah Cijulang. Dina
http://iksalik.blogspot.com
Komisi Sejarah Sukapura. Sejarah Sukapura. Tasikmalaya : Yayasan Wakaf Pusaka Sukapura

Mujahir Salam. Era Kejayaan Tasikmalaya di Tangan Bupati RA Tanoeningrat (1908-1937). Historia Soekapura dina www.priangan.co
Pemerintah Kabupaten Banyumas. Sejarah Banyumas. Dina www.banyumaskab.go.id 
Wikipedia. Parahyangan. http://id.wikipedia.org
Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda. Sejarah Kerajaan Galuh III. Dina www.kalangsunda.net  
Yayat Sudaryat. Toponimi di Jawa Barat. Jurusan Bahasa Daerah UPI

1 komentar: